Mapag Jajaka Tandang
+ Batur
jenuk balarea, kadang warga merbayaksa, kiwari dihin pinasti, ayeuna datang
mangsana,
pasini manjing na ati, subaya datangna bagja.
-
Balebat di Beulah wetan,
surya medalna mumunggang, nyaangan alam sakumna, hayam raong kongkorongok,
manuk recet disarada patembalan jeung baturna, mapag ni’mat taya hingga, asihna
Gusti Yang Widi.
+ Manusa lugay lumampah, ngalengkah geusan
ibadah, nyoreang mangsa katukang,
ngajadi eunteung nu datang.
-
Sumerah ka Maha Akbar, sujud
ka Nu Maha Agung, manusa taya kawasa, anging ku kersa AnjeunNa, Pangeran Nu
Murbeng Alam.
+ Bagja temen,….bingah temen…. Anaking bagea
sumping.
Dituyun pangjurung indung,
disalindang ku kamelang, ngabrul dulur nu saestu, nganteur ludeung jajaka
gandang rek makalangan, lunta ti pangtapaan.
- Dipapag
kembang kamelang, malati asih ngajadi ciri, saksi buktina ngahiji, pasini baris
rarabi, subaya geusan rimbitan,
mungkas alam lalagasan.
Pel….napel
dina ati nu sajati.
+ Belut sisit saba darat, kapiraray siang
wengi
-
Jagong tuhur meunang ngunun,
haturan bagea sumping…..
+ Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek
calik….
Upacara seren sumeren & akad
nikah
Ria Listi Lindayani – Adam Saepul
Bahri
Disusun
ku Kang Undang ( Eyangna ).
+ Khutbah
-
Bubuka
+ Kitu sabdaning carita, gerentes hate nu gaduh
maksad, kebek ku rasa kabungah, bungangang na rasa bagja, nampi takdir Maha
Suci, syukur ka Nu Maha Agung, nembrak ka balarea.
-
Sinigeug lampah ayeuna,
urang wincik hiji-hiji, urang guar malar natrat runtuyan acara seren sumeren
kalih akad nikah.
+ Bubuka,….parantos kapihatur nembe.
v
Galindeng Kalam Ilahi sareng
sholawat
v
Seren sumeren nu diwangun
ü
Biantara Pihak Pameget
ü
Biantara Pihak Istri
ü
Simbul
v
Akad nikah puncakna kabingah
v
Sawer panganten talari
karuhun, budaya sunda
v
Du’a
v
Tutup
-
Gapura galura bagja,
ngaliglag lawangna muka, urang papag urang sambat, disuhun bari dirungrum,
dirawu bari dipangku, kebek ku kabungahan, pinuh ku rasa syukur.
+ Galindeng kalam Ilahi, ngajadi cirri sajati,
warti anu mimiti, tumut patuh kana dawuh, papagon dina lumampah, sangkan mulus
rahayu rahmat salamet, disarengan ku ridoNa.
-
Ka pun lanceuk Teh Apong
Solihat, uwana pituin kapiutus ngagalindengkeun kalam Ilahi kalih aosan
sholawat, nyanggakeun.
+ Kalam Ilahi ngajadi ciri keur diri, papagon
dina hirup kahirupan, pangjejer dina ugeran, malah mandar tinekanan lalampahan.
-
Nyaliara tur mikacinta dina
rasa dina raga, ka Jungjunan Gusti Rosul, sangkan kaangken umatna, ti dunya
dugi ka yaumal jaza. Aamiin.
+ Dulur-dulur pada ibur,
tatangga pada tumanya, aya naon aya naon, ti mendi itu tatamu, ngaleut
ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.
-
Urang susud ka puhuna urang
papay ka asalna, nya naon gara-garana, boa-boa aya maksad tacan kedal, kereteg
hate can eces.
+ Sina guar naon pamaksadannana,
sangkan katanggar ku balarea, nu hempak sinewaka, merbayaksa danget ayeuna.
-
Pinisepuh nu nyesepuhan para
tatamu,. Bapa…………sumangga nhanggakeun waktosna……..panyerenan
+ Deukeut-deukeut anak taleus, singhoreng simana
horeng, urang Bloklame nu disesepuhan ku Bapa …..
Diwincik eusi galihna, diguar rasa manahna, natrat maksad-maksadna eces
jentre kasaksian balarea.
-
Kembang-kembang harepan,
pucuk-pucuk pamuntangan, gugupay bari ngiceupan, ngabageakeun nu datang meredih
ka bale nyungcung.
+ Urang
tepungkeun saurna, urang tepangkeun walerna, sangkan eces malar jentre, sing
puguh bule hideungna.
-
Ingkang Eyang anu salawasna
ngiring nyaah, mikawelas mikamelang, mo kapalang nembrakeun asih jeung deudeuh,
kiwari baris tandang makalangan ngawakilan ingkang rama Wa Dani Somadani
sarimbit, itung-itung pakaulan, nande golontorna kabingah, sangkan mutiara
bagja tinemu dina mangsana.
+ Ka pun lanceuk, Kang Undang Solih eyangna
pituin nyanggakeun waktosna……panampian.
-
Batu turun keusik naek
kalapa tonggoheunnana, itu purun ieu daek kacida bogoheunnana.
+ Estu taya halangan harungan, taya aling-aling
nyangling, ngabulungbung alur syukur, ngabalungbang rasa bagja, nyangga mangsa
kabagjaan.
-
Runtuyan acara nu salajengna,
tawis asih rasa nyaah, lahir tina cirri bukti, gelar tina tawis soca……simbolik
+ Simbul sing
ngajadi saksi, saksi lahirna ngahiji, sing jadi pamatri ati panyangcang duriat,
hamo pegat nepi ka paturay nyawa.
-
Sumangga ka ramana
nyerenkeun putra kaasihna, ditampi ku ramana pibesaneun ti pihak istri, geusan
gasik nampina.,
-
Ka Ibuna ti pameget
nyanggakeun tawis socana, nu ditampi ku ibuna ti pihak istri Teh Eneng sumangga
tampi.
+ Ditanggap ijab kabulna, disaksi sigot
ta’likna, nyumponan syarat rukunna, syarat syara’ tur nagara, pasini baris rarabi, subaya baris
laksana, meungkeut pageuh ku kadeudeuh, geter rasa kahariwang, pasini pakait
asih, subaya mageuhan rasa, beber layar tarik jangkar.
-
Panganten sakalih digingsir
linggih, disarengan ibu rama, disangkeh pinuh kadeudeuh, disalindang ku
kamelang, anu munggaran ngalengkah, miang ka sagara kabagjaan.
+ Kasanggakeun ka Bapa ti KUA Kacamatan
Pameungpeuk kanggo nyesepuhannana, kairing ku para saksi
-
Sateuacan ijab Kabul, kedal
lisan ku kamelang, pibekeleun babarengan, jadi jeujeur keur pangjejer, keur
papagon palenggeran
+
Ingkang Eyang mo kapalang, teu weleh mere kanyaah, rek mekelan
tutungkusan, lengkah sajatining hirup, sangkan
apanjang apunjung, ginulur karahayuan.
Ka Kang Undang Solih nyanggakeun waktosna, mahanan kanyaah rasa….khutbah
nikah
-
Tutas rantas akad nikah,
blung blang taya halangan harungan, teu aya nu nyisikudi, surup kana
lelembutan, nyaosan papagon agama tur nagara.
+ Nyanggakeun
ka Maha Asih, muga panganten sakalih, nincak kana babasaan, ka cai jadi
saleuwi, ka darat jadi salebak, babakti ka Maha Suci ka Pangeran murbeng alam.
-
Tabah mun manggih kasusah,
bungah teu loba paningkah, hormat ka indung ka bapa, umaku ka dulur-dulur,
someah hade ka semah.
+ Sujud
ka lahunan indung, nyaluuh ku laku silung, nyangga du’a ingkang rama, malah
mandar tinekatan sapaneja, sembah
sungkem ayeuna mangsana.
-
Mah, …hapunten abdi, tina
sadayana dosa, rumaos sok bengal basangkal, ti kawit gumelar ka alam dunya,
dugi ka danget ayeuna, pidu’a anu diteda tinekanan pamaksadan.
-
Geulis anaking, jimat
awaking, dihampura geulis ku mamah, taya dosa nu napel na diri hidep, sirna
taya urutna,
-
Didu’akeun ku mamah, mugi
hidep mulus rahayu rahmat salamet,
panjang jodo parek rizki, sing jadi istri sajati, nu babakti ka salaki
bari teu lali ka Gusti.
-
Pa,.. hapunten abdi, rumaos
seueur dosa dimana aya kahoyong, abdi ngarepotkeun Bapa, tisuksruk tidungdung
melaan abdi, taya siang taya wengi, Bapa tohtohan nyumponan kahoyong abdi.
Du’akeun ku Bapa abdi lunta ti mamah ti bapa nuturkeun salaki abdi.
+ Geulis anaking pupunden ati,.. tong boroning hidep
kedal menta, dalah henteu…….., panghampura indung oge bapa salawasna maplak da
puguh lautannana, pangdu’a indung oge bapa salawasna ngocor da puguh
wahangannana….dihampura pisan geulis.
Muga hidep tinekanan pamaksadan, sing ngawujud rumah tangga nu sakinah,
didadasaran ku mawaddah tur warohmah, silih asih silih asah silih asuh, hurung
nangtung siang leumpang, tiis ceuli herang mata.
Bapa percaya ka salaki hidep, baris mikaasih mikanyaah.
Bral …. Anaking geura miang tandang makalangan, papag mangsa nu bakal
datang nu pinuh ku pangharepan….
-
Dipirig kacapi suling, gulak
gelik narik ati, kentring kacapi nu kapigandrung, marengan rasa kamelang, nu
didangding ku haleuang, haleuang di panyaweran….sawer panganten
-
Ngiring bingah ngajejeran,
dina sawer panganten. Nyanggakaeun ka Ibu…….
+ Urang antebkeun riungan, sanggakeun ka Maha
Agung, ka Pangeran Maha Beunghar, wireh lancar pamaksadan, kahontal taya kuciwa,
malah mandar ngambah sagara rimbitan, tinemu jeung kabagjaan.
-
Uwana pituin, ngiring asih
ngiring bingah, pakaulan ngajengkeun du’a, sangkan nu rimbitan, ginuluran
karahayuan, buncir leuit loba duit, malar jengkar baranahan.
-
Ka Kang Utang Dian mangga nyanggakeun.
+ Mugi panuhun didangu, diijabah sapaneja,
tinekanan pamaksadan, di dunya pinuh kabungah di akherat meunang ni’mat.
-
Tutas rantas pamaksadan,
dugi kana pamustungan, pitutur pangwuwuh sepuh, dulur-dulur parurubung, kanyaah
ti balarea, dumeudeul paheuyeuk leungeun, nu ku harta ku tanaga, ku elmu pon
kitu deui, sasarengan ririungan
+ Ka Gusti Robbul ‘Izzati, nyanggakeun geusan
nampina, kasaean sadayana, muga aya pangwalesna, bari jembar katampina.
Aamiin
yaa Robbal ‘aalamiin.
Pamungkas
(sareng)
Tutus
langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, kaliwat sapanganyaman.
Muga agung cukup lumur muga jembar panghampura
Reup,….!
teundeun di handeuleum hieum, pikeun sampeureun ka hareup,
Cag,…!
tunda di hanjuang siang geusan alaeun nu bakal datang
+ Urang
pungkas ku hamdalah,….alhamdulillahi robbil ‘aalamiin….
EmoticonEmoticon