Sunday, March 19, 2017

Melepas anak yang baru nikah bahasa sunda


Gupay katineung Indung Bapa
dina mangsa muka lambaran munggaran
Geulis anaking,…  jimat awaking,! Baheula ….taun katukang,
hidep jadi amanah Allah ka mamah jeung Bapa, dieyong diayun ambing ku kamelang,
diusapan ditiupan ku kanyaah,
dibingbing dijaring ku kaasih, ditungtun dituyun ku pangrungrum,
kainggis amanah ti Maha Suci teu kamilik ajen diri.
Ayeuna hidep sakeudeung deui, sanggeus salaki hidep ngucap ijab Kabul
nu disaksi ku balarea, hidep leupas tina amanah maha Suci
ka mamah jeung Bapa, sabab hidep geus aya nu nanggung jawab,
jadi pamajikan salaki hidep.
Mangsa ieu nepi ka bale nyungcung.
Bral… anaking geura miang, tuturkeun salaki hidep,
sing jadi istri sajati nu babakti ka salaki, bari teu lali ka Gusti.

Bral,….bral anaking geura miang


EmoticonEmoticon